"Sekiranya ada sanak saudara kerabat sahabat yang melakukan 'kebaikan' terhadap kita....Ukirlah dibatu bak prasasti !!! namun jika ada kejelekan yang menghampiri tulislah dipasir pantai biar tesapu ombak.......Mutiara akan tetap mutiara disimpan dimanapun..... sampah tetep bernama sampah meski bertabur parfum sekalipun... jadilah mutiara kawan !!!"

16 Juni 2009

Kasawang

Oleh : Dadang Ronda, 9 Mei 2009

Waktu ngajugjug lembur mapay-mapay sisi basisir pakidulan....
sanajan jalan mobil leumpangna lalaunan... rada rineh,
ka obatan ku hiliwirna angin laut nu mawa anteb,
nebak awak nu rada kareunang ku luut leetna kesang...
lieuk kakatuhu.....lambak laut paudag-udag muru tepi.... ka basisir,

reg, mobil ngaradeg maksud teh bari nungguan babaturan...
jeung rombongan nu keur ti hot het nalukeun medan adventur nukudu ngaliwatan sababaraha hiji jungkrang...meuntas wahangan, tur tanjakan-pudunan ekstrim,
jrut turun tuluy ngalengkah ngadeukeutan muara....

kabita ku herangna cai....pating-siliwirna lauk laleutik jiga ngagupay ngajak ngojay...
teu talangke deui nurutkeun kahayang rasa...
awak digebruskeun ka cai nu herang mencrang...
batu jeung keusik ting keresek katincak ramo suku, mani antra pisan....
subhanallah.....
sakujur awak nyecep seger ...nyerep ngarayap maseuhan.... kulambu kasukma....

Rap kaos cadangan 'pembagian' ti panitia dipake, sajadah diamparkeun dina keusik basisir...
'sakalian dijama jeung lohor' cek kuring, teu talangke ki dulur... Oi [Roycke] iqomat.....
Allahu Akbar ......!
subhanallah.......
awak seger, angin leler...rep alam teh mani jempling....ngaregepkeun dua mahluk nu keur sujud...
dampal leungeun diangkat, qalbu munajat 'ka-langit' ngahadep kanu Maha Kuasa....
samemeh do'a ditutup ku hamdalah.....
aya sora hawar-hawar....'lestarikeu
n ieu kuring cai nu herang, lauk nu lucu batu nu endah dina walungan ieu ...' sawatara harita munajat ditutupan ku pamenta 'mugi diantara balad-kuring dipaparinan kakuatan ngajaga-ngariksa alam jawa barat nu lestari...'
berebeyna cipanon....mapay-mapay pipi ....ngeclak maseuhan dampal leungeun...
aya nu ngawaskeun....
Cai nu herang,
lauk beunteur nu keur ngabaris,
batu lembut nu ngampar harideung dina dasar walungan,
di pilemburan basisir kidul...jadi saksi ......
yen kuring geus jangji !

.......Tatar sunda...kudu lestari......


Batawi, 9 Mei 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar