"Sekiranya ada sanak saudara kerabat sahabat yang melakukan 'kebaikan' terhadap kita....Ukirlah dibatu bak prasasti !!! namun jika ada kejelekan yang menghampiri tulislah dipasir pantai biar tesapu ombak.......Mutiara akan tetap mutiara disimpan dimanapun..... sampah tetep bernama sampah meski bertabur parfum sekalipun... jadilah mutiara kawan !!!"

19 Juni 2009

teu acan aya judul

Oleh : Dadang Ronda, 08 Mei 2009 jam 21:39

Mapay-mapay luak-liukna jalan hirup kumelendang dialam dunya, estu aya kurame mapaesan ruang jeung waktu dina babak-babak jaman. Hirup teh geuning teu aya hartina...munteu aya mangpaatna keur batur sakasur, dapuir, sasumur, tur lembur. Pon kitu deui mun hirup teu aya tujuan,duh... deudeuh teuing pan urang teh ngarenghap tur usik teh kusaha pami sanes kunu Kagunganana....Langit ayeuna lain langit nu kamari, detik-detik jarum sekon dina jam dingding terus muter maju nuju mangsa nu bakal 'datang'. Hamo manusa mah moal aya nu bisa ngeureunkeun 'waktu' sok sanajan ukur sadetik, kiwari ucapan 'PERUBAHAN' sok parebutan dipake 'icon' ku para pulitisi sangkan kataji ka parteyna. Padahal mah....'perubahan' sacara 'hakiki' geus jadi kodrat Illahi Robbi, 20 tahun katukang sim kuring buta tulang-buta daging, jajag waringkas, tegep tur kasep [cenah ceuk nubogoheun] pan mani asa gumasep sugan teh moal beuki kolot, eeh jumlah itungan angka dina umur beuki nambahan.... Panon poe geus rek lingsir....alam nukamari... lain alam nu ayeuna ....Keur leutik mun ulin dipakarangan imah teh ngadon gatrik, galah, pecle, ngadu kaleci, papanggalan,mengbal atawa balap roda sabun di jalan Sukajadi....Sawaktu-waktu sok rajeun ngojay ka centreum tegalega, mun cape tas langlayangan atawa sosopedahan di HB [gasibu].Langit luhureun bandung lain langit nu basa kuring keur mangsa harita, perubahan mah memang 'Alami' da ceuk kuring mah nu kudu dirubah mah 'masing-masing prilaku pribadi' ....Kumaha ngariksa diri, ngariksa bathin ku amal-Ilmu jeung ngariksa kataqwaan. Sing bisa 'ngatur' waktu keur ibadah jeung istirahat[lantaran eta oge bogaeun hak]. Sugan langit isukan lenglang...sugan bulan engke peuting datang....sugan urang bisa nyaring hudang dina jemplingna peuting dinu nenggang...urang nangtung jeung sujud meredih kanu Maha Agung...di tuduhkeun jalan Mulang.....cag...ah heula...bet kaulinan jaman kiwarimah matak peurih kana mata.....yu ah urang tanya.....'keur dimana urang teh ayeuna, rek kamana atuh balikna ?Batavia,8 Mei 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar